Rabu, 28 November 2012
DMCA Protection on: http://www.lokerseni.web.id/2012/01/cerita-rakyat-danau-toba.html#ixzz2DWf5bg4q
Label: vidio cerita rakyak
Pantun Jenaka
| buah pisang buah tomat disimpan didalam lumbung padi pantas tercium bau menyengat rupanya kau belum mandi Api membakar ujung cerutu membawa asap bersesak-sesak Alangkah geli rasa hatiku Melihat nenek bergincu dan bedak Gemuruh tabuh bukan kepalang Diasah lembing berkilat-kilat Gementar tubuh harimau belang Nampak kambing pandai bersilat Buah mengkudu dibungkus pelastik semua juga tahu kalau aku cantik burung perkutut burung kutilang kamu kentut nggak bilang bilang Limau purut masak di dahan walau manis tak boleh dimakan Biar penampilan seperti preman Yang penting hati beriman Buah mangga rasanya manis dibungkus rapat didalam peti Sayang walau wajah nya artis tapi gayanya macam hellokitty |
Memasak ikan di dalam peti paling enak di campur terasi gayanya aja kayak selebriti tapi dompetnya kagak berisi Ayam bangkok dibawa atun Tiap pagi dimandiin Kalau iseng nyok kite bepantun Ampe pagi ane jabanin Malam hari memasak gurita dicampur cabe dan buah berminyak Memang kamu cantik jelita Sayang ketawanya kayak kuntilanak makan belimbing dicampur terasi bikin kelepon ditambah santan wajahnya aja kayak artis televisi tapi kelakuan seperti setan Paling enak burung gelatik Di atas awan terbang melayang Memang banyak wanita cantik Cuma adik yang abang sayang siang hari langit berawan paling enak ke senayan Adek manis senyum menawan boleh dong abang kenalan Naik delman ke malaya jangan lupa bawa pengukur siapa yang tidak tertawa lihat sibotak ingin dicukur |
Label: Pantun-pantun
- Guguritan/pupuh
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)
Macam-macam Pupuh
1. Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )
2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
5. Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
6. Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
7. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
8. Kinanti
Watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
9. Ladrang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
10. Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
11. Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
12. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
16. Sinom
Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Label: 17 macam Pupuh Sunda
NGARAH CALAWAK
Asa kakara ngajaran nganjang ka parawan tanpa aya halanganana. Asa
tara-tara, ngadak-ngadak, sabab saacanna mah kadang-kadang rada gagabah.
Maksadna, tara tatanya saacanna naha sang parawan kacangcang manah ka
jajaka gandang atawa tacan. Pan salah-salah, matak mamala tah!
Sang parawan ngaranna Anah, anak Mang Karta panyawah Babah Can. Najan
sakadar anak panyawah, Anah gandang taya papadana. Awakna rada panjang,
rarayna matak nahnay jajaka mata karanjang. Balatak jajaka nyaah ka
Anah, hayang nganjang, hayang nyangcang. Hanjakal Anah narah, sabab
hayangna ngan ka kang Jaja, jajaka bala dadana, malah bala saawak-awak,
ngan hanjakal na mastakana mah rada carang.
Anah nyaah ka Kang Jaja, Kang Jaja nyaah ka Anah. Pas. Matakna, saban
Ahad Kang Jaja nganjang ka Anah. Basana ngarah tambah nyaah. Padahal
nyatana mah hayang nyabak ... tangkal kalapa na pakarangan Mang Karta.
Naha? Sabab na tangkal kalapana aya Anah :-)
Basa Kang Jaja nganjang tanggal salapan Sawal, Anah kasampak rada
balangah, kawas aya masalah na manahna. Panasaran, Kang Jaja nanya,
"Naha kawas aya masalah, Nah? Katarana balangah.."
"Ah, taya masalah Kang.." Anah narah.
"Wah, Akang mah cangcaya.. Balaka lah ka Akang mah, ngarah janglar kana manah," Kang Jaja maksa.
"Abah Kang.." Anah kapaksa balaka.
"Abah? Naha Abah?"
"Abah maksa Anah sangkan nampa panglamar Jang Amat anak bandar kalapa,
balatak hartana. Padahal anak Jang Amat aya kana dalapanna,
katambah-tambah raray Jang Amat mah kawas panakawan. Jaba balatak randa
anyar gara-gara Jang Amat kawas jalma sawan, saban parawan hayang
kaasaan. Anah narah, ngan Abah kalahka amarah. Anah kapaksa nampa
panglamarna..."
Kang Jaja rarayna rada asak, nahan amarah. Hanjakal ngadadak taya tangan
pangawasa, sabab Kang Jaja aya panyawat asma. Hayangna ngawakwak, ngan
awakna ngadadak nahnay. Kalahka nyangsaya na tangkal kalapa.
Anah calangap, ngarasa salah.
Kang Jaja katarajang asma. Kahayangna napas, malah calawak. Manahna mah
ngagantawang, nyasalah ka Abah, ka Jang Amat, ka Anah. Taya bayana,
tamaha kasawat asma, katambah jalma sangsara. Kapaksa pasrah. Dadah
Anaaahhh...!
Cag ah.
Label: Bobodoran Sunda
- Congklak
- Engkle
(Gambar permainan Engkle)
Label: Macam2 kesenian
